Sabtu, 14 September 2024

Museum Sri Baduga di Bandung, Ngagambarkeun Peradaban Jawa Barat



Museum Sri Baduga teh salasahiji tempat wisata sajarah nu perenahna di Jalan BKR nomer 185, Pelindung Hewan, Kecamatan  Astanaanyar, Kota Bandung, kiduleun Lapangan Tegallega. Ieu museum ngadeg dina lahan 8.415 meter pasagi, dikokolakeun ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Jawa Barat. Museum Sri Baduga midangkeun leuwih ti lima rebu koleksi nu aya hubunganana jeung sajarah Jawa Barat jeung Suna, saperti karajinan, parabotan, geologi.

 

Koleksina ngawengku aspek biologi, etnografi, numismatika, historis, arkeologis, heraldik, keramik, teknologi jeung seni rupa. Di ieu museum runtuyan sajarah Jawa Barat tembong lain wae dina wanda asli, tapi oge nu dina wangun miniatur, replika, maket, sarta poto. Mindengna digelar rupa-rupa kagiatan saperti lomba, seminar, ceramah, jeung lokakarya nu aya patalina jeung sejarah. Dilengkepan ku perpustkaan, auditorium, rohang pameran husus, musola, jeung rohang seminar.

 

Museum Sri Baduga ngadeg taun 1974, tempat nu ayeuna teh baheulana mah kantor kacamatan. Diresmikeun 5 Juni 1980 ku Mendikbud, Daoed Joesoef, sarta dingaranan Museum Negeri Provinsi Jawa Barat. Taun 1990 diganti jadi Museum Negeri Provinsi Jawa Barat Sri Baduga. Ngaran Sri Baduga luyu jeung nu aya dina Prasasti Batutulis Bogor.

 

Ngaran Sri Baduga teh gelar keur Jayadewata (1482-1521) sabada ngahijikeun deui Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Puseur dayeuhna nu tadina di Kawali Ciamis dipindahkeun ka Pakuan Pajajaran (ayeuna Bogor). Pangna dipindahkeun teh keur leuwih ngamotekarkeun maritim, Pakuan deukeut ka Sunda Kalapa.

 

Koleksi Museum Sri Baduga di lante kahiji ngeunaan rupaning titinggal sajarah Indonesia, hususna kamekaran sajarah jeung budaya Jawa Barat. Di ieu tempat aya koleksi objek sajarah jaman mangsa karajaan Hindu katut Budha. Aya kareta kuda nu bentukna kawas sato mitologi Lembuswana, minangka kandaraan Batara Guru.

 

Lian ti eta, aya diorama guha, manusa purba, sarta conto tulang-tulang purba, jeung koleksi ti mangsa prasejarah. Di lante kadua, dipidangkeun koleksi kabudayaan jeung kahirupan mangsa baheula, saperti pakakas, alat perdagangan, jeun transportasi. Di dieu ge aya barang-barang ti pangaruh budaya Islam jeung budaya Eropa. Di lante tilu koleksi etnografis, bangsaning kaen, tinunan, katut barang-barang nu mibanda ajen seni, sarta keramik. Urang ge bisa nitenan rupa-rupa jenis kasenian katut budaya nu has, saperti baju panganten Sunda, kasenian tradisional Sunda jeung sajabana. Dilengkepan ku koleksi etnografis, biologi, jeung antropologis.***

Sumber Artikel berjudul "Museum Sri Baduga di Bandung, Ngagambarkeun Peradaban Jawa Barat", selengkapnya dengan link: 
https://galura.pikiran-rakyat.com/ngaprak/pr-2968493556/museum-sri-baduga-di-bandung-ngagambarkeun-peradaban-jawa-barat


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kampung Tajur di handapeun suku Gunung Burangrang

Purwakarta - Bosen ku hiruk pikuk kota sareng hoyong milarian katengtreman anu tiis? Grup Warta Sunda m é r é referensu tiasa nyobian ngan...